Juara Ortrad (Carita Barudak)

· Dunia Pustaka Jaya
Liburu elektronikoa
80
orri

Liburu elektroniko honi buruz

Juara Ortrad téh carita ngeunaan Dimas. Budak yatim urang lembur Bonjing anu hirupna prihatin. Hirup jeung indungna nu jadi purah buburuh, katilu adina nu leutik kénéh. Wuri-wuri nguyung nguluwut, réngkak polahna kalah pikayungyuneun. Dimas téh rapékan, hideng, marahmay hadé budi, jaba pinter deuih. Teu anéh mun di sakolana gé Dimas mah jadi murid nu dipikanyaah ku guru-guru tur dipikaresep ku babaturan.

Tina katapisna dina nyieun jeung niup sumpit, Dimas diutus ku sakolana pikeun milu lomba Ortrad (Olahraga tradisional). Hasilna tétéla nyugemakeun. Dimas jadi juara kahiji tingkat kabupatén, sarta kapilih jadi wawakil ka tingkat provinsi.

Egileari buruz

Lahir di Sukabumi, 10 Méi 1971. Lulus kuliah di Jurusan Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda IKIP Bandung (1993), sarta lulus S-2 ti Prodi Pendidikan Basa dan Budaya Sunda UPI Bandung (2016). Ti taun 1998-2022 ngawulang di SMPN 4 Subang, kiwari janten Kepala Sekolah SDN Pangipukan Subang. Tulisan-tulisanana réa dimuat dina majalah Manglé, Sunda Midang, Cupumanik, Galura jeung Tribun Jabar. Sajak-sajakna dimuat dina antologi Néangan Bulan (2006) jeung Lir Cahaya Nyorot Eunteung (2008), sarta carponna dimuat dina Kanagan (2003). Karyana nu geus medal nyaéta Haté Awéwé (2011), Berlian (2011), Pelesir ka Basisir (novél barudak, Pustaka Jaya, 2020, dilélér Hadiah Samsudi 2021), Bangkarak Démokrasi (kumpulan sajak, 2021), jeung Sagagang Jacaranda (Pustaka Jaya, 2022). Kungsi dilélér Hadiah Sastra LBSS (1996 & 1999) jeung Hadiah Hardjapamekas pikeun Guru Basa Sunda SMP (2016). Taun 2015 milu kagiatan studi banding di Adelaide South Australia ngaliwatan program Teacher Proffesional Development.

Baloratu liburu elektroniko hau

Eman iezaguzu iritzia.

Irakurtzeko informazioa

Telefono adimendunak eta tabletak
Instalatu Android eta iPad/iPhone gailuetarako Google Play Liburuak aplikazioa. Zure kontuarekin automatikoki sinkronizatzen da, eta konexioarekin nahiz gabe irakurri ahal izango dituzu liburuak, edonon zaudela ere.
Ordenagailu eramangarriak eta mahaigainekoak
Google Play-n erositako audio-liburuak entzuteko aukera ematen du ordenagailuko web-arakatzailearen bidez.
Irakurgailu elektronikoak eta bestelako gailuak
Tinta elektronikoa duten gailuetan (adibidez, Kobo-ko irakurgailu elektronikoak) liburuak irakurtzeko, fitxategi bat deskargatu beharko duzu, eta hura gailura transferitu. Jarraitu laguntza-zentroko argibide xehatuei fitxategiak irakurgailu elektroniko bateragarrietara transferitzeko.

Risnawati idazlearen liburu gehiago