Carita anu Duaan: Novél Sunda

· Dunia Pustaka Jaya
Ebook
108
Pages

About this ebook

Carita anu Duaan mukakeun lambaran-lambaran romantika Nonon jeung Kuswana. Duanana horéng pada-pada kungsi nandangan lara prihatin. Duanana pada-pada boga kasang tukang nu tacan kaungkab. Tepi ka titis-tulis ngamprokkeun anu duaan … tina tepung jadi dalit, tina dalit ahirna pakait ati. Kumaha saterusna Nonon jeung Kuswana nyawang hirupna duaan? Naha halimun nu salila ieu ngahieuman maranéhna téh antukna bisa sirna?

About the author

Abdullah Mustappa, lahir di Limbangan, Garut, 18 Nopémber 1945. Mimiti ngasuh majalah Fusi (1971), satuluyna kungsi jadi koréspondén nahakah Mimbar jeung Témpo (1972-1978)m oingoinan Penerbit Pustaka Karsa Sunda (1987-1988), jeung kungsi jadi rédaktur tabloid basa Sunda Galura, rédaksi koran Pikiran Rakyat, jeung majalah basa Sunda Manglé. Nulis prosa, puisi, éséy, sarta narjamahkeun, boh dina basa Sunda boh dina basa Indonésia. Éséyna ngeunaan puisi Amir Hamzah unggul dina sayémbara anu diayakeun ku Pusat Bahasa, Jakarta.

Bukuna nu geus medal di antarana: Hang Tuah (1974), Nu Teu Kungsi Kalisankeun (kumpulan carpon, 1985), Mikung (1985), Si Mata Heulang (saduran bébas), Wirahma Sajak (panganteur aprésiasi puisi keur siswa sakola lanjutan, medal taun 1985 ku penerbit Medal Agung, édisi révisina medal taun 2014 ku penerbit Pustaka Jaya), Cihaliwung Nunjang Ngidul (1995), Lembur Singkur (1979 ku Mitra Kencana, 2001 ku Kiblat Buku Utama), Titimangsa: 68 Sajak Alit (2013) jeung Majalah Sunda (Pébruari 1965-1967): Wanda Jurnalistik Sunda Ngalawan Komunis (2017) minangka karya nonfiksina. Bareng Duduh Durrahman jeung Karno Kartadibrata jadi éditor buku Sawidak Carita Pondok (kumpulan 60 carpon pinilih majalah Manglé, 1982), Panggung Wayang (kumpulan carpon Aam Amilia, 1992), Saratus Sajak Sunda (1992), jeung Sajak Sunda Indonesia Emas (1995).

Taun 1997, dilélér Anugrah Jurnalistik “Zulharnas” ti PWI Pusat pikeun éséyna Kita butuh Dialog Kebudayaan anu dimuat dina harian Pikiran Rakyat. Dina taun 1995, dilélér Hadiah Samsudi pikeun bacaan barudak ti Yayasan Kabudayaan Rancagé. Taun 2001, kungsi ogé dilélér Hadiah Jurnalistik Moh. Koerdi ti Paguyuban Pasundan. Dilélér deui Hadiah Sastra Rancagé pikeun widang jasa taun 2006. Tuluy taun 2014 kasinugrahan deui Hadiah Sastra Rancagé pikeun buku kumpulan sajakna Titimangsa: 68 Sajak Alit.

Rate this ebook

Tell us what you think.

Reading information

Smartphones and tablets
Install the Google Play Books app for Android and iPad/iPhone. It syncs automatically with your account and allows you to read online or offline wherever you are.
Laptops and computers
You can listen to audiobooks purchased on Google Play using your computer's web browser.
eReaders and other devices
To read on e-ink devices like Kobo eReaders, you'll need to download a file and transfer it to your device. Follow the detailed Help Center instructions to transfer the files to supported eReaders.