Pangajaran Basa Jeung Sastra Sunda: Panuyun Sangkan Bisa Ngajarkeun Basa Sunda Pikeun Mahasiswa jeung Guru PAUD/TIK

· Penerbit YNHW
3.0
5 opiniones
Libro electrónico
156
Páginas

Acerca de este libro electrónico

 pangajaran Basa jeung Sastra Sunda di sakola ti mimiti Anak Usia Dini (AUD), Taman Kanak Kanak (TK/RA), SD/MI, SMP/M.Ts., nepi ka SMA/MA, SMK/MAK kudu diajarkeun. Naon sababna? Tangtuna ogé lantaran sakola téh minangka tempat pamekaran kabudayaan. Pendidikan Anak Usia Dini ogé nya kitu, mangrupa tempat pikeun ngalanggengkeun tur ngamekarkeun kabudayaan anu ti bihari hirup di lingkungan, boh kulawarga, boh lingkungan sosial. Kawasna waé PAUD miboga pancen ngaganti peran indung jeung bapa di kulawarga. Hal ieu lantaran kolot di imah geus teu kaboro méré dadasar atikan, tina alatan kasibukan ku pagawéan. Leupasna peran kolot tina kawajiban méré atikan di imah, nya didelehasikeun ka para guru PAUD jeung Kanak Kanak (TK/RA). Leuwih ti kitu, ayana pendidikan anak usia dini mangrupa salasahiji kawijakan pamaréntah pikeun ngundakkeun mutu sumber daya manusia.

Calificaciones y opiniones

3.0
5 opiniones

Acerca del autor

 Drs.Dodo Suwondo, M.Si., lahir di Ciamis tanggal 14 Juli 1960. Taun 1987 lulus S-1 ti jurusan Pendidikan Basa Sunda FPBS IKIP Bandung, sarta taun 2009 lulus S-2 ti Jurusan Otonomi Pendidikan Daerah UNPRI (Universitas Pramita Indonesia) Tanggerang. Ayeuna dumuk di Kuningan, Jawa Barat.

Resep kana sajak jeung teater, ogé kasenian Sunda utamana, najan can pernah jadi praktisi.

Mimiti jadi guru basa Sunda di SMP Negeri 2 Cilimus, Kuningan, SMP Negeri 4 Kuningan, saterusna jadi Pengawas di Dinas Pendidikan  dan Kebudayaan Kabupaten Kuningan, Jawa Barat nepi ka kiwari. 

Kungsi nulis buku ajar basa Sunda – Cukang Basa anu diterbitkeun ku Geger Sunten, Bandung, taun 1994-an; “Intisari Basa Sunda” ku Media Edukasion. Lian ti éta nulis ogé buku-buku ajar bahasa Indonesia pikeun SMA – Bahasa Indonesiaku Bahasa Negeriku anu diterbitkeun ku PT Tiga Serangkai Pustaka Mandiri, Solo, dina kurikulum 2006 jeung kurikulum 2013.  Laju babarengan jeung Aan Sugiantomas dina buku kumpulan puisi: Puisi Belum Rampung Kutulis Hari ini, Penerbit Cupu Manik, Bandumg, taun 2008; nulis buku pengayaan – Mari Berpuisi ku Penerbit Deepublish, Klaten, Yogyakarta taun 2012; milu ngawarnaan puisi senryu (maké sandi asma Hyang Purwa Galuh) Siulan Pencinta Alam, CV. Geger Sunten, Bandung;  Haiku Dangiang Ki Sunda jeung Dedi Mulyadi (Bupati Purwakarta), Diro Aritonang, penerbit HaikuKu Press, Bandung taun 2015, (s.a. Hyang Purwa Galuh); saterusna dina Indonesian Haiku Anthologies of of The Universe – Haiku Semesta (kumpulan puisi haiku dwi bahasa Indonesia – Inggris, sarta milu pameran haiku di Jerman), penerbit Publisher Pustaka HaikuKu, Bandung 2016. Aub dina komunitas grup fesbuk Carpon, sarta milu ngawarnaan kumpulan Carpon jeung Taufik Faturohman anu diterbitkeun ku Geger Sunten, Bandung 2017.


Califica este libro electrónico

Cuéntanos lo que piensas.

Información de lectura

Smartphones y tablets
Instala la app de Google Play Libros para Android y iPad/iPhone. Como se sincroniza de manera automática con tu cuenta, te permite leer en línea o sin conexión en cualquier lugar.
Laptops y computadoras
Para escuchar audiolibros adquiridos en Google Play, usa el navegador web de tu computadora.
Lectores electrónicos y otros dispositivos
Para leer en dispositivos de tinta electrónica, como los lectores de libros electrónicos Kobo, deberás descargar un archivo y transferirlo a tu dispositivo. Sigue las instrucciones detalladas que aparecen en el Centro de ayuda para transferir los archivos a lectores de libros electrónicos compatibles.